Recents in Beach


Sajak-sajak Ki Andi Debleng


NYANGREUDKEUN MITOS

Panganteur keur Kumpulan Sajak 

Leungiteun nu Leungit

Ki Andi Debleng


BUBUKA | Dina gumen catur sapopoe jeung kolot urang, baheula, aya paribasa ulah sok cicing na lawang panto bisi nongtot jodo. Iyeu paribasa lain ngan saukur ngeunaheun wirahma na. Aya siloka anu ku barudak milenial ayeuna mah di- atanapi ka- bangbalerkeun. Naha bet kitu? Apanan ceuk ukuran pikir siloka na teh ngahalangan jalan jang nu liwat. Ti sajabaning eta, ceuk babalik pikir mah eta teh ngandung harti keur ngalamun, keur aya nu ditungguan, atanapi keur ngecet panto na, hihi.


Sing horeng, paribasa Sunda teh loba keneh nu ku urang can dititenan. Eta ngan saukur conto yen karuhun urang (Asa emut ka Wa Kepoh Almarhum na Dongeng Radio Si Rawing anu miboga jurus jetu alias matak pejet huntu, nyaeta jurus ulin karuhunan, heuk heuk… waas pamiarsa) pernah deukeut bahkan rakeut ngadegkeun pangarti. Bisa jadi, paribasa bener-bener aheng makna na, saperti tong nyoelan sambel ka na cowet bisa meunang jodo aki-aki (atanapi nini-nini). Na bet kitu? Naon hubungan nana?


Eta paribasa bijil tina kalakuan manusa nu sapopoe idek-liher di imah. Ka luar ti imah, kolot urang baheula deukuet jeung papangge, buruan, kebon, susukan, sawah, gunung, jeung sajabana. Tangtu, ciciren kalakuan kolot urang baheula bisa jadi totonde jang urang ayeuna anu ngahirupan kasundaan. Nya, di dieu pisan, kumpulan sajak Leungiteun nu Leungit Ki Andi Debleng ngaguar elmu ulin karuhunan. Sajak-sajak anu lain sakadar hayang wanoh jeung tapak tincak kolot urang baheula, tapi oge ngajirimkeun pangarti jadi pangaweruh kiwari.


PANGARTI | Mun seug kuurang ditalungtik leuwih jero, kolot urang baheula pernah ngahirupan jeung dihirupan ku pangarti anu tadi diguar. Ceuk urang bule mah disebut alam mitos. Alam pangarti manusa anu masih keneh deukeut jeung rakeut jeung alam sanyatana. Aya kayakinan yen alam sanyatana teh miboga kakuatan anu bisa ngatur bahkan ngarogahala manusa, nu murbeng alam. Manusa (Jagat Alit) ngan ukur bagian jejer tina kawasa alam (Jagat Ageung). Ka beh dieu na keun, pangarti eta jadi ugeran nu sadar teu sadar ku urang sok disebut pamali.


Wangsa kiwari, kalakuan urang di imah, di papangge, di buruan, di kebon, di sawah, di susukan, di gunung, jeung sajaba na masih keneh aya di lembur. Tapi, Ki Andi Debleng diguratkeun lahir di lembur anu mapag jadi dayeuh, Kota Tasikmalaya. Kalakuan urang sapopoe ge atuh malah mandar jadi beda. Ki Andi Debleng jeung warga dayeuh nguniang hudang ngalakonan sapopoe. Ka luar imah, nu katempo teh jalan, gedung perkantoran, toserba, kafe, bioskop. Ka tambah ku nyonyoo hape. 


Dunya teh asa deukeut jeung rakeut. Anu digugulung nyaeta alam pangarti nu disebut elmu (sains) jeung kamonesan elmu (teknologi). Imah jadi tempat pangbalikan tina cape gawe. Moal aya nyaliksik kutu jeung tatangga di papangge. Buruan paragi ulin diganti ku maen game atanapi ulin ka kafe/bioskop. Nyawah diganti ku gawe di kantor. Nyaba ka gunung jadi ulin ka toserba atanapi tempat wisata. 


Hiji kawajaran lamun jaman obah. Alam mitologi anu pernah aya di kasundaan, ku rengkak polah na uteuk, mulai kabangbalerkun. Sabab, uteuk nu jadi motor elmu memang ngarusiahkeun anu tadina aheng. anu tadi na cukup ku basa pamali diteangan alesan nana sampe kaharti ku uteuk. Ku alpukah na filsafat, anu nyidem logika (babasan mikir), etika (babasan laku), jeung estetika (babasan ngarasakeun) alam pamikiran mitos lalaunan sirna. sagala kudu kaharti ku uteuk. Moal aya pamali di jaman ayeuna mah. 


Elmu jeung teknologi geus jadi Jagat Alit anu ngaleuwihan sagalana. Jagat Alit kasundaan eundeur. Tingkah laku urang dina mikir, dina polah, jeung dina rasa geus teu beda jeung urang bule. Beulah dituna, lain ngan saukur ku raksukan nu di pangsi jeung diikeut. Alam pamikiran kasundaan anu ngandung kaweruh ngahargaan Jagat Ageung ayeuna justru tibalik. Jagat Alit ngarogahala Jagat Ageung. Aya nu leuwih penting.  nyaeta kumaha carana alam pangarti kasundaan bisa ngigelan jaman. 


MITOS | Mitos ngandung dua arti, nyaeta (1) carita anu aya hubungannana jeung tokoh anu masyarakat jeung (2) carita atawa fiksi anu kanyataannana disangsikeun. Na lebah dieu, kuring kagagas macaan kumpulan sajak Leungiteun nu Leungit. Aya sababaraha sajak ngeunaan mitos kasundaan kabaca. Mitos ngandung referensi sajarah anu ambigu. Carita anu aya hubungan jeung kayakinan, kapercayaan, bahkan agama. Mitos oge sok dianggap hibar palsu atanapi hoaks.


Carita Tangkuban Parahu bisa dianggap mitologi kasundaan. Tina carita iyeu urang bisa nalungtik kaayaan kasundaan baheula, utamana mah atikan-atikan anu aya hubunganna jeung kayakinan masyarakat kasundaan baheula. Carita anu bisa nyambungkeun identitas kasundaan ayeuna jeung baheula. Aya pamali anu disebut inces anu ngabedakeun manusa jeung sato. Di Barat, mitologi dipelajari sampe ka saacan Masehi. Naskah drama Sophocles ngenaan incest sok dijadikeun referensi jang ngaguar nilai kamanusaan sampai ka masyarakat Barat kiwari.


Dina galur ulasan iyeu, kuring nangkep sajak “Mundinglaya”, “Pare Pohaci”, “Ciung wanara”, jeung “Lutung Kasarung-Purbasari”, nyidem tanaga mitos anu kuat ngeunaan totokoh kasundaan. Sajak “Incuing” jeung “Pranata Tata Mangsa” ngaguar mitos totonde alam anu pernah hirup dina kayakinan kasundaan tug dugi kaayeuna. Urang coba ngaguar salah sahiji sajakna, nyaeta “Pranata Tata Mangsa”. Sajak iyeu bisa dijadikeun referensi ngeunaan mitos anu relevan jeung kaayaan kamanusaan urang sunda kiwari.


Sajak “Pranata Tata Mangsa” diwangun ku dua welas bait. Tiap bait dieusi ku lima larik. Tiap bait ngagambarkeun proses gumelar na waktu anu bisa digunakeun, nyaeta nu disebut mangsa. Dimimitian ku gambaran latar tempat jeung waktu anu nyurup na akhir bait jadi proses mangsa dina sataun. Sajak ieu aya hubungannana jeung kearifan lokal kasundaan ngeunaan proses kahirupan. Ngan, dasar na sajak mah mere pesen teh sok ku siloka. Tara togmol. 


Dina bait kahiji kagambar latar carita //Kasa mangsa angin wètan ngarangrang daun/Hawa beurang pasalia jeung peutingna/Nihtir jangkrik ngawuku sasampiran//. Ungkapan ngarangrang daun, pasalia jeung peuting, jeung jangkrik ngawuku sasampiran negeskeun carita //Kalangkang kidul karanggeum halodo jero/Taya guna pelak pelok saamparan//. Di akhir bait aya kode angka dalapan digit anu ngalambangkeun carita mangsa halodo jero taya guna pepelakan. Kode angka 2106-3107-41 nandakaeun proses halodo dimimitian ti tanggal 21 bulan Juni nepi ka tanggal 31 bulan Juli. Lilana mangsa halodo kaitung 41 poe.


Sawelas bait saterusna ngagambarkeun proses pindahna mangsa. Anu tangtu na proses eta bakal balik deui ka mangsa halodo anu digambarkeun dina bait kahiji. Supaya teu panjang, urang damel wae guaran sajak “Pranata Tata Mangsa” dina basa gambar di handap.


No

Gambaran Mangsa

Waktuna

Naktuna

1

Kasa mangsa angin wètan ngarangrang daun

Hawa beurang pasalia jeung peutingna

Nihtir jangkrik ngawuku sasampiran

Kalangkang kidul karanggeum halodo jero

Taya guna pelak pelok saamparan 

(2106310741)

Kartika

2

Karo mangsa angin kidul pucuk anyar

Hawabeututulè rèngko taneuh beulah

Orot cai karembangan bungah buah

Umur pondok sorot sarat rasa mindah

Miara nata pikeun ngamalir cai pangabetah

(0107230723)

Margasira

3

Katiga mangsa angin kalèr sabang laèr

Hawa tiis katimus ngahontal resi anyar

Nguniang tebar alum pamupukan akar

Pelok ragot kakat panjang jangkar

Ngala tresna palawija serang gumelar

(2407160924)

Posya

4

Kapat mangsa angin kulon gugunturan

Gumuntang geugeut pati karesian

Randu tèmpo-témpo nyèrang kahiyangan

Datang cileuncang lilir kaluar ti pajaratan

Katerap nyeri anburasut kamerkaan

(1709111025)

Maga

5

Kalima mangsa angin bedas silih tempas

Pancuran sumur laput jagat tina mamaras

Ilir siraru hunyuran katebak rungkad ngapas

Bentang wuku tembong moncorong

Tanduran ngatur tebar parè pinggeus

(1210071127)

Palguna

6

Kanem mangsa dalingding angin sumanding

Nikmting rasa ngalulur dada sajeroning

Megah buah beuweungeun aling-aling

Peupeureudeuyan getok baranahan giri panggeuing

Nunggu rambèt sawah munggaran gumuling

(0811201243)

Setra

7

Kapitu mangsa angin séah néwo-néwo

Guci paèh ing lautan nèang kanyaho

Uwar-awur jarambah simpe poso

Huma ngala talatah béntang katempo

Sasalad mudal sampalan kodomoyo

(2112010242)

Wesaka

8

Kawalu mangsa angin oah ingsir

Kayung sangit sajeroning puspa ngagilisir

Rerep saat hujan patandè lènglè kasir

Ceuyah kuuk jajalanan tungtung pasir

Umuran panjang parè nuniang musapir

(0202280227)


Yesta

9

Kasongo mangsa angin datang ngejat

Wadaling wacana babasan duriat

Gugur pangersa loba tonggèrèt recet

Huma panas koneang ngolentang najan sarèrèt

Sèrang ngala tengah munggaran cilimit

(0103250325)


Asada

10

Kasadasa mangsa angin rereb saab

Gedong ungkeb jeroning kolbu héab

Rècet rungah sayang ngaranggeum sungkab

Asak tata huma èka perlaya ngarèrab

Kulah cai subur manfaat unggal madhab

(2603170423)

Srawana

11

Dèsta mangsa angin panas ngacas

Pamungkas Lekasan sinarowedi leupas

Cingceng ngala huma palawija katebas

Rangrang bako biko linduh sato ngulapès

Nyamuni tinggal nganti sulastri mèmèrès

(1804100523)

Badra

12

Sada mangsa angin panas codéka

Tirtasyaksing sasèno taya sèsa

Pada gugur jalan ngebul samawa

Nètè amarah milaraan gegeduran dursila

Tebar sasalad nguah dayeuh ayeuna

(1105210641)

Asuji


Sajak “Pranata Tata Mangsa” ngabuktikeun cara maca alam kolot urang beheula. Kumaha sangkan bertani disesuaikeun jeung bahasa alam (cuaca jeung iklim). Lian ti eta, iyeu pangarti anu referensi na tina peperian teh, sok dijadikeun siloka jang laki-rabi. Mun mah tea urang percaya kana siloka laki-rabi, hartina kolot urang baheula geus nenden carita ngeunaan waktu jeung naktu sangkan ulin karuhunan teh bisa sesuai jeung kawasa alam. 


KAWERUH | Konsep waktu jeung naktu ku kolot urang baheula disebut mangsa. wawacan kasundaan loba nyidem pangarti anu lain ngan saukur pangarti hungkul. Pangarti anu memang dipercaya, diucapkeun, jeung dipraktekkeun dina ritual kahirupan sapopoe. Pangarti anu ngadarah-ngadaging. Lebah dieu, pangarti geus salin rupa jadi kaweruh. Kaweruh anu deukeut jeung rakeut kana kawasa alam, ka murbeng alam. Kaweruh kolot urang baheula anu ayeuna mah sok disebut peperenian, paribasa, pantun, paririmbon jeung sajabana.


Mun seug urang ayeuna cangcaya kana kaweruh kolot urang beheula, nya bisa diwajarkeun lantaran Jagat Ageung na geus beda. Urang butuh mitos-mitos anyar saperti kolot urang baheula. Mitos-mitos anu bijil na tina Jagat Ageung kahirupan modern. Mitos anu kudu dirasionalkeun ku uteuk (filsafat) jeung diformulasikeun kana pangarti (sains) oge kamonesanna (teknologi). Sabab, Jagat Ageung urang ayeuna memang pinuh ku mitos aheng nu ngadarah-ngadaging. 


Iyeu pisan anu dilakonan ku Ki Andi Debleng. Bari muka paririmbon jang maca Jagat Ageung, ku cara medar lalakon mitologi totokoh kasundaan jeung mitologi pamali, Ki Andi Debleng nyupata simbol-simbol kahirupan modern ku sajak. Dina sajak nu di tulis ti rentang 2016 tug dugi ka 2019, mitos-mitos kahirupan modern dipesek cangkangna terus diboleker keun eusina, saperti dina sajak ”Cihideung”, “Kongkalikong Kidung Bangkong”, “Tugu Tasik Teu Asik”, “Curik Galunggung”, jeung “Adipura Karembong Taman Kota”. 


Nu istimewa lian ti sajak-sajak mitologi, di rentang waktu iyeu aya sababaraha sajak ngeunaan tresna. Salah sahijina nyaeta sajak kokojo nu dijadikeun judul buku, “Leungiteun nu Leungit”. Sajak iyeu ngabongkar mitos-mitos nu aya dina Jagat Alit panyajaknya ngeunaan kasadaran (jeung sakaligus kateusadaran). Sajak manusa jaman ayeuna anu ticengklak duriat. Naha bet dihubungkeun kana mitos Dewi Sri Pohaci, hehe? Sajak iyeu ngabuktikeun yen manusa jaman ayeuna sadar teu sadar moal leupas tina pangarti nu ngaleuwihan uteuk (filsafat, sains, jeung teknologi), nyaeta mitos. Sababna, mitos mah siga katresna, leuwih hayang dirasakeun jeung dialami batan dipahami, saperti sarua oge kabaca na sajak “Cisoca Dewi Nyakclak”.


Aya oge kabaca sajak religi, saperti “Hanjuang”, Nanggung Padung”, jeung “Cahaya Sawarga”. Khusus sajak “Hanjuang” kabaca oge mitologi Sanghiyang Guriang Tunggal. Sajak-sajak lianna, utamana nu ditulis tahun 2000-an, cenderung ngaartikulasikeun eundeurna Jagat Alit kulantaran dibongkar berhala kayakinan-kayakinan atanapi pamadegan-pamadegan nu ajeg. 


PANUTUP | Urang ayeuna geus nepi ka tungtung ngaguar. Naon nu rek ditepikeun ku sajak kanu maca? Sajak, oge seni umumna,  lahir tina daya maca manusa ka Jagat Ageung (alam makrokosmos). Hasilna nyaeta pangarti anu disublimkeun  kana jagat alit ngajirim karya seni. Mun seug urang maca kahirupan di kota-kota --termasuk Tasikmaya, Jagat Ageung nu kumaha nu bisa ditransformasikeun ku urang ayeuna dina seni, luasna budaya? 


Ngarumuskeun pokok-pokok pikiran kabudayaan di hiji tempat moal bisa disawang. Hasil tina rumusan bisa dijadikeun cetak biru pamarentah jeung rahayat ngawangun fisik jeung mentalna. Urang bisa ngamimitian ku nalungtik pertanyaan, Ari tempat urang teh diwangun ku kabudayaan jiga kumaha? Naha tempat urang teh diwangun ku alam kabudayaan maritim atanapi agraris? Mung agraris, masyarakat urang teh diwangun ku budaya sawah atanapi huma? Nilai jeung karya baheula nu kumaha nu bisa ku urang ayeuna diropea sangkan bisa ngigelan jaman.


Iyeu pamadegan kawilang penting. Naon sababna? Sabab, kuring percaya sajak, oge seni umumna, miboga disiplin kaweruh anu satara jeung mitologi, filsafat, oge sains. Seni mangrupakeun salah sahiji cara pikeun urang ngawangun pangarti, sarua jeung nu tilu tadi. Bahkan, bisa jadi manusa jaman eyeuna ngalaman krisis makna. Maksudna, geus jadi pamadegan sarerea yen alam modern teh justru ngaleungitkeun makna kamanusaan sabab hirup na dihuripan ku serba mesin. Dugi ka dieu, piraku urang masih cangcaya yen seni bisa ngubaran kakurangan nu tilu tadi. Cag!


Mangkubumi, Mei 2021

Nizar Machyuzaar



Leungiteun nu Leungit

  • Lestari


Asa cikènèh kamonèsan pohaci nyurup

Wanci karèmbong konèng jadi kembang duriat


Kebul parupuyan muput lelembutan

Nyulusup kana ati

Parawanten ngalayah pikeun pananggeuhan 

Teuneung daria ludeng

Pangradinan nyeungitan sela-sela raga

Guneman geus rungu kembangna


Kiwari ...

Karasa lieuk lain ragap taya

Boa salawasna bakal leungiteun jentrèng cinta

Atawa padago-dago kèsètna tarawangsa kanyaah

Kapanan rajah bubuka lain ngan sakadar surti


Asa cikènèh kamonèsan pohaci nyurup

Wanci karèmbong konèng jadi kembang duriat

Geuning leungiteun deudeuh ronggèng nu leungit

Dina panyinglar urang paanti-anti


Upi, eduweek 2016


Lutung Kasarung-Purbasari


I

Putra tunggal Sunan Ambu titisan Hiyang Tunggal

Guru Minda miasih indungna

Ngimpi papanggih jeung manusa

Nu sarua di marcapada


Sunan Ambu nyupata Guru Minda

Miceun ka mandala manusa

Ieung baju Mèga Mendung diriksa

Lungsur ka Buana Pancatengah

Ngajanggelèk jadi Lutung Kasarung


II

Dayeuh Pasir Batang Anu Girang

Tapa Ageung Nitisuri tujuh istri

Purbalarang Purbadèwata Purbakencana

Purbamanik Purbaèndah Purbaleuwi

Purbasari anak bungsu geulis luar jero


Purbasari dibanjur cihideung Purbalarang

Pameunteu lasmi ramo pucuk eurih

Ngajanggèlèk jadi monyèt teu buntutan

Mènta tulung  monyèt tutung

Diusir ti Pasir Batang sabar narimakeun


Ki lèngsèr nganteur monyet tutung

Nyicingan gunung Cupu Mandala Ayu

Dipangrampidkeun ranggon poporogok

Pikeun tatapa rumiang nèang alam jero

Miceun hinis sesebitan kadunyaan

..

III

Tapa Ageung turun gunung

Menta lutung pikeun deungeun

Ki Lengser indit Aki Panyumpit pamit

Lutung taya laratan di leuweungna

Pinanggih hiji  hèsè disumpit


Pok lutung ngomong

“Aki piara kuring bawa kuring

Jadikeun kuring anak Tapa Ageung”

Lutung nutur ka pasir batang

Dijieun kaulinan ku lima istri


Poè ka hiji lutung ngaganggu

Poè ka tilu lutung nyaksrak ngaruksak

Poè ka lima lutung teu bisa dicarèk

Poè ka tujuh lutung ngagalaksak

Poè ka salapan lutung dibikeun ka Purbasari


IV

Lutung Kasarung Purbasari nyata papanggih

Satemenna dina impian-impian baheula

Purbasari narima sembada Lutung Kasarung

Narima sakumaha babak perlaku jalma

Galurat micinta dina alam pangimpian


Lutung Kasarung ningal kumata batinna

Kalasmian purbasari sarua lir indungna

Disatukangeun awak hideung lestereng

Lutung Kasarung seja dumeuheus ka indung

Mènta pangmalikeun kalasmian Purbasari


Lutung Kasarung ngahiji jeung Purbasari

Gunung Cupu Mandala Ayu pangrampidna

Cupu dua pasang silih eusian

Mandala puseur ngahijina handap-luhur

Ayu rahayu salamet kasalametan

..

V

Ajngin-angin pajaratan ngibar ngiburkeun

Ngarobahna Purbasari lasmi kaasalna

Purbalarang amarah ngagegedur

Mènta ngabendung leuwi Sipatahunan

Mènta bantèng bodas lilin ngacas


Lalakon beurat pikeun awèwè

Lalampahan hèsè pikeun istri

Pati nu jadi tandonna Purbasari

Lutung Kasarung teu huleng jentul

Dina tilu poè cumpon kacumponan


Purbalarang beuki ngagedur amarahna

Ngajak ngaben ngahuma tinareja

Purbasari ngarajah Dèwi Sri Pohaci

Nyambat nyabit nyebut bujangga bagawat

Meunang hasil sapaneja jadi pinujul


Purbalarang nyipta pangabenan lian

Sangkan Purbasari pati taya di dunya

Masak nu ngeunah nenun nu alus

Ngarias pageulis-geulis

Satemenna kabèh pinujulna Purbasari


Dina bulan badra kadesa

Pamènta Purbalarang nempokeun banda

Purbasari ngabangingik ceurik teu boga

Lanceukna nu hiji nunjuk lutung kasarung

Lutung Kasarung ngajanggelek jadi Guru Minda


VI

Lanceuk-lanceukna sumujud mènta hampura

Teu dipati terah diusir ti karajaan

Purbaleuwih nu bèla tileuleutik diantik

Guru Minda Patanjala – Nyai  Purbasari

Pasir Batang anu Guriang – Pakuan Kalangan


Gunung cupu, ciamis, desember 2016-januari 2017


Cisoca Dèwi Nyakclak

  • N. Febrianti. D


Kitu pisan Dèwi...

Tina mamaras manah saenyana ucapan tèh 

Laku buntu ngumbar panemu lelengkahalu

Tatapakan satapak ilang ngadadak

Teuing saha anu nyangking mawa rungsing

Pasolengkrah lelembutan oah-oahan


Berebey cisoca ngalèmbèrèh 

Sanaos kahalang kamonèsan salira


Èmutan Dèwi...

Ku mata hatè tresna najan katalangsara 

Kagareuwahkeun tarèkah perkara atikan 

Kaasih nyeungseurikeun ucapan

Kadeudeuh nyeungceurikan lalampahan

Tresna guntreng dina patèkadan 


Tanya jerit batin salira 

Perkara dunya sangkan raga adek jeung nyawana  

 

PPL munggaran, 09 Februari 2018


Surat ti Galunggung


Sampurasun 

Kahaturkeun mangrèwu ucap panuhun

ka pangersa anu parantos anu

nyuluran keusik dugi ka sopak

gorowong copong lebah tonggong gunung


Lain bèja atawa cenah teu saluyu

kapan salira ngembang kadu waktu paamprok

cai jeung taneuh sasat lungsur pasalingsingan

purah angin milu ngepung dayeuh


Badè iraha atuh junjunan

salira rurumpaheun ka tonggong gunung

puguhing bakal diangken ku salarèa

ieu Galunggung tos ngabatin palay ngurug salira


Keun...

upami salira umangkeuh keukeuh

tangtos kuring datang nepangan salira

ku jalaran ngurug dayeuh sakabèhna


Macing Beunteur, 28 Januari 2018


Nanggung Padung


Antara dua jalan anu bèda

Talatah mupus nikmatna lamunan 

Kiceup jeung renghap silih gupay ditungtung jalan

Karasa ngagantungna tatapakan kabakutet balèbat


Kiwari geus ècès

Jalan teh ngan èta ètana

Najan dikuriling imut hariwang

Gusan pangancikan meuteup sieur ka langit

Anu pelongna masih kènèh dina tapak baheula

Sèsa ngolèbat tina ngejat duriat rèk pegat 


Geus kitu ayana piraku rèk kasarung

Indit katungtung jalan kajeun bedang

Tong ngimpi dina keur nyaring

Mopo mèmèh nanggung padung sorangan


Tasikmalaya 24 april 2019


Girimis di Citiis


Nyinglar tresna

Handapeun tangkal cangkilung

Ku angin imut anjeunna

Najan girimis

Citiis mupus tapak

Halimun lamunan saab


Pamuntangan

Jangji kadaka harita

Ka ungkeb ingkar mokaha

Anjeun sulaya

Poho hanjuang nangtung

Nu dibikeun harita


Citiis nu jadi saksi

Pernah ngimeutan ati

Gupay tresna silih nyungsi

Tinggal carita kiwari


Dingding ari 11 10 2020


Handapeun Gapura Cipasung

Keur : Acèp Zam-Zam Noor


Tungtung jalan Cisinga nganteur ulin kolbu

Lumampah kapangimpian beurang-beurang

Nyutat lalakon dua jalan lenyepan

Titik gapura Cipasung dikeningan carita


Kasawang kecap-kecap sajak tungtung teuteupan

Ngadago kotrètan lampah padalisan kahirupan

Lebah dieu engang mèrè sora ludeung

Neundeun lèotan dina tangkal samoja


Malem jumat Cipasing, 06 agustus 2020


Ngèwa Tresna


- . - = +

Meletèk srangèngè


+ . + = +

Pecat sawed


- . + = -

Lingsir ngulon


+ . - = -

Sareureuh daang


Taya jalan

Buntu panemu


Tasikmalaya, September 2020


Biodata Panyajak

Ki Andi Debleng katelahna, wasta aslina Andi Ardiyansyah borojol di Tasikmalaya balik ka Gunung Galunggung keur meumeujeuhna gergeran bitu. Inaya teu pernah bangku kuliah di sastra Sunda, tapi saprakna beres sakola SMA inaya cilingcingcat kuralang-kuriling neang pangarti sabudeureun Jawa Barat malah nepi ka Bali taun 2002-an nepi ka taun 2010-an.

Inaya samemehna geus aub ilu-biung jeung Sanggar Sastara Tasik (SST) anu di kongkolakeun ku Acep Zam-Zam Noor jeung Saeful Badar ti SMP keneh. Nalika SMA asa ka jalanan rehna inaya ilu-biung jeung Sanggar Teater Opelet anu aya di eta sakola anu di dirikeun ku alm. Cupit. Nya beuki ka asah jeung beuki ka raut rasa jeung jiwa seni na utamana seni Sunda.

Kiwari inaya ngadegkeun sanggar seni Sunda nu ngarana Katara Badranaya, salian ti resep nulis khusus kasundaan antalogi sajak Sunda ka 1 na nyaeta "Ambeu Dayeuh Kuring" anu kerja sama jeung Kick Andy Fondasion. Inaya oge salian ti resep nulis nyiptakeun oge sababaraha kakawihan jentreng kacapi di antarana judul ; Tasik, Paheut Pasini, Girimis Pasosore, Sasakala Kota, Monyet jeung Nu Lianna

Inaya pernah oge ngaulang di sababaraha sd jeung smp malah pernah jadi konsultan budaya di salah sahiji univisitas di Tasikmalaya. Salian ti ngurus sanggar Katara Badranaya anu barudak atikanna sd, smp, jeung sma, malah aya nu kuliah, inaya ngaulang di SMP plus Darul Ihsan Sindangkasih, Siamis.


Posting Komentar

2 Komentar

  1. Alhamdulillah masih ada org menulis karya sastra dalam bahasa daerah. Lanjutkan ya.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Terima kasih atas apresiasi Bapak. Kami tunggu tulisan Anda, barangkali berkenan dengan menu konten yang ada.

      Hapus